Home » » NASKAH PASANGGIRI BACA WARTA TINGKAT SEKOLAH DASAR

NASKAH PASANGGIRI BACA WARTA TINGKAT SEKOLAH DASAR


Assalamualaikum,wr.wb.
Pamiarsa numulya, cunduk waktuna kana acara warta daerah dina basa Sunda anu dipidangkeunku .............................................. kalayan dijomantarakeun kuRadio Sukapura, radiona urang kidul
Warta munggaran :
Dina poe Ahad nu geus kaliwat, di ImahSunda, rengrengan Dangiang Sunda Pakidulan (DSP) ngayakeun babadamian dinanyanghareupan acara Milangkala DSP katilu. Riungan eta diluluguan  ku pupuhu DSP, Ki Darya.
Tina etarempugan nyindekkeun yen acara milangkala DSP baris dilaksanakeun dina bulanMaret katompernakeun kalayan acarana baris dilaksanakeun alakadarna, alatankurangna waragad.
Ki Daryanandeskeun najan waragadna leutik tapi karep anu gede milangkala DSP dina taunuei  bisa dilaksanakeun kalayannyugemakeun.

Warta salajengna :
Dina bulan Pebruari ieu, ti anggalnakeneh guru-guru Sakola Dasar di Kacamatan Bantarkalong geus tatan-tatan dinanyanghareuna acara Porsitivitas taun 2010. Porsitivitas taun ieu di tingkatkacamatan Bantarkalong dimimitian tanggal 8 Maret 2010.
Unggalpangaping pamilon ti unggal-unggal Sakola Dasar miharep anak didikna jadipinunjul nu baris ngawakilan ka tingkat Kabupaten. Guru pangaping paeh poso,dug hulu pet nyawa pikeun ngudag pangharepan sangkan anak didikna jadipangonjoyna.
Kepala SDNParakanhonje 3 rek mere pangbubungah ka sakumna guru anu bisa ngalatih siswakalayan nyangking pinunjul. Ku cara kitu dipiharep jadi motivasi atawa doronganka para pangaping mata lomba dina eta kagiatan.
Warta anu pamungkas :
Guru-guru SD nu aya di wewengkon Eks KawadananKarangnunggal ragem ti ayeuna keneh geus tatahar nyiapkeun tim bola poli dinanyanghareupan kagiatan Lomba Aktivitas dan Kreativitas  Siswa antar Sekolah Dasar (LAKSASDA) anudiayakeun ku SMPN 1 Karangnunggal dina bulan Juni, sawatara bulan nu rekdatang.  Ieu kagiatan miboga tujuanpikeun wadah milih bibit pamula nu miboga bakat, nu aya di wewengkon EksKawadanan Karangnunggal.
Pupuhu SMPN1 Karangnunggal, Ade Karyana, S.Pd. miharep sangkan unggal sakola bisangirimkeun kleupna pikeun tandang makalangan
Sakitu wartadaerah nu kasanggakeun. Wilujeng tepang deui dina waktos sareng gelombang anusami. Hatur nuhun kana perhatosanana. Sim kuring..................................seja amit mundur.
Wassalamualaikum wr.wb                 

0 komentar:

Posting Komentar

Statistik

Topics :