Home » » CONTO MASRAHKEUN CALON PANGANTEN PAMEGET (2)

CONTO MASRAHKEUN CALON PANGANTEN PAMEGET (2)



Assalamualaikum, wr.wb.
Du’a………………
Minangka pamuka pisanggem, sim kuring nyanggakeunsadaya puji ka Alloh anu Murbeng alam, anu midamel bumi langit katut pangeusina.Ku ayana widi ti Mantenna urang sadaya tiasa kumpul ngariung patepung  lawung paamprok jonghok enggoning nepangkeunsareng manjangkeun silaturahmi antawis kulawargi ti Karangnunggal sarengkulawargi ti Kawali Ciamis. Mugia bae ieu pajemuhan teh aya dina ridlo sarengginulur rahmat Gusti Alloh.
Solawat sinareng salam mugia salalamina ngocor kajungjunan urang sadaya Kanjeng Nabi Muhammad SAW, oge ka parakulawargina, kaparasohabatna. Mugia aya leleberanana kanggo urang sadayana, kalayan mugiaurang sadaya kenging sapaat ti Mantenna di yaumal kiyamah. Amin.
Bapa Haji Sasmita miwah Ibu, kitu deui wargi-wargi anusami-sami ngaluuhan ieu pajemuhan, hormateun sim kuring,

Sim kuring sasanggem di  dieu teh minangka wawkil punlanceuk Kang Adiwiguna kalih Ceu Imas Nastiti ti Karangnunggal, kapancenankedah masrahkeun pun alo anu wastana Ginanjar Pratama anu insya Alloh moal lamideui baris didahupkeun sareng tuang putra wastana Titin Patimah.
Kantenan ieu pancen teh kanggo sim kuring mah teukinten abotna. Rumaos sim kuring mah sepi ku harti tuna ku pangabisa, kawantusanes ahlina. Dupi ayeuna bet kedah janten wawakil kanggo masrahkeun calonpangnten pameget di payuneun parawargi. Rajeun soteh sumanggem di payuneunmurangkalih di kelas da eta mah parntos padamelan sadidinten. Asa rempan simkuring teh. Rempan ku dua ku tilu. Bilih ieu pancen teu kaawakan ku sim kuring.Nanging parantos dipaparin kapercantenan anu sakitu ageungna, piraku ku simkuring dimomorekeun. Nya bade lah-lahan bae ieu mah bade nyobi-nyobi etang-etanglauk buruk milu mijah puritan miluendogan. Jalaran kitu langkung ti payun seja neda sihapunten bilih ayacatur nu teu kaukur aya basa nu teu kareka.
Bapa miwah Ibu Haji Sasmita hormateun sim kuring,Punlanceuk sadudulur dongkap ka dieu teh tangtos seja aya nu dipimaksad.Sateuacaanna neda widi tina galih anu wening, manah anu setra, margi sok sanaosparantos kagalih pamaksadanana, ayeuna ku sim kuring bade didadarkeun langkungtandes, supados tiasa kasakseni ku sadaya anu sami-sami rawuh.
Janten kieu gek-gekanana : Pun lanceuk teh gaduh budakwastana Ginanjar Pratama nuju meujeuhna belekesenteng. Upami dipapandekeun kanahayam mah nuju jajangkar. Duka kumaha ngawitanana eta pun alo teh seringngalalar ka palih dieu. Meus-meus teu aya, meus-meus teu aya ti rorompok  teh geuning di Ciamis aya nu dianjing cai. Lami-lami rupina teh dugika wantun unggah.  Tetela geuning punanak teh parantos kabandang ku mojang lanjang pancaran Kawali Ciamis, anu teuaya sanes putra kameumeut Bapa kalih Ibu Haji nya eta Neng Titin Patimahtea.Pun lanceuk teh aya bingah aya rempan. Dupi bingahna, eta geuning gaduhlalaki pun Ginanjar tea tos aya gerentes niat rarabi. Ari rarabi teh kanggourang anu ngagem
                                                                                                                                                18
agama Islam mah apan janten salasawios sunah Rosul. Jalarankitu rarabi teh mangrupi bagian tina ibadah. Eta rupina kabingah anu teu kintenageungna teh. Dupi anu matak janten rempanna, bilih mojang anu dipikahoyong kupun alo teh ninggang kana sisindiran lainbabad lain pacing, lain kananga kuduna, lain babad lain tanding lainkadinya aduna atanapi ninggang kana paribasa piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir, jogjog neureuy buah loa, atanapicecendet mande kiara, cileuncang mande sagara, hunyur mandean gunung. Margitangtosna oge parantos kauninga ieuh kulawargi pun lanceuk teh bibit-buitpilemburan, urang kampung bau lisung, rundayan bulu taneuh, tukangbebelekesekan dina leutak. Moal bade disumput-sumput da parantos nembrak ieuh,mung sakieu buktosna.
Sok sanaos bari risi tur rempan, pun lanceuk tehlah-lahan ngayakeun pamarekan ka kulawargi Bapa kalih Ibu Haji di dieu. Sawiosdisebat nahap-nahapkeun maneh oge, da pamaksadan mah sae ieuh, hoyongmanjangkeun silaturahmi manawi aya bahan katampi.
Alhamdulillah geuning panampian Bapa kalih Ibu Haji didieu teh sakitu saena. Eta kasaean teh kanggo pun lanceuk mah abot nyuhun abotnanggung, abot narimakeunana, katampi ku hasta kalih kasuhun kalingga murda.
Atuh jinisna, pun Ginanjar sareng  Neng Titin, parantos batu turun keusik naek, kitu deui sepuhna parantos nampi kalayanleah, atuh teu kinten matak bingahna.
Babadantenan parantos jinek, parantos puguh bule hideungna. Cindekna ayeunadongkap sapiri umpi teh seja nyambung saur nu kapungkur, mapay carita anukungsi katunda, masinikeun jangji bihari masangkeun subaya baheula, tuang  putra wastana Neng Titin tea bade dipihukumku pun alo wastana Ginanjar Pratama. Ieu pamegetna ayeuna seja kasanggakeun.
Galeuhna pisanggem, sim kuring ngabantun asmana punlanceuk seja nyanggakeun pun alo wastana Ginanjar Pratama awakna sakujur, tiluhur sausap rambut ti handap sausap dampal. Rambutna salambar, getihnasatetes, ambekanana sadami, kabodoanana kaireungtalingeuhanana, kalaipana,siangna wengina, ilang along margahina, katinggang pangpung diudag maung,sanggem paripaosna, sumangga nyanggakeun.
Sareng sanaos kalintang isin ajrihna, tebih tinautami, anggang tina sampurna, tambi isin ngaligincing tamba era ngalongkewang,tamba pamali teuing, aya kagegelan ti pun alo teh. Hatur lumayan encitnasacewir etang-etang kanggo ngadamel carecet, paparabotan kasar etang-etangkanggo minuhan juru dapur. Atuh katingali aya bungkusan  dibuni-buni, tapi sanes inggis  katiisan sanes paur kaibunan, nanging inggiskatingali eusi estu eusi sisip ku pangaji.
Paralun sanes bade ngahinakeun, ieu mah estu tawiskabingah anu clik putih clak  herangmedal tina ati sanubari anu wening. Babahanan mung saaya-aya pisan, kengingladang rikrik gemi, belaan kenging ngadua-duakeun huap. Pamugi bae Bapa miwahIbu Haji di dieu henteu ningali tina jihad pangaos sareng rupina, nangingningali kana maksadna anu estu clik putih clak herang. Mangga nyanggakeunkalayan mugi ditampi kalayan kaweningan galih, manah anu setra. Sakitu anukapihatur.
Tutus langkung kepang haling bobo sapanon carangsapakan.
Bilahi taufik wal hidayah. Wassalamualaikum,wr.wb.         

0 komentar:

Posting Komentar

Statistik

Topics :