Home » » CONTO MASRAHKEUN CALON PANGANTEN PAMEGET (1)

CONTO MASRAHKEUN CALON PANGANTEN PAMEGET (1)



Assalamualaikum wr.wb.
Alhamdulillah nahmaduhu wanastainuhu wa nastafioruhuwanaudubilahi min sururi anfusina wa min saiati amalina mayahdilahu fala mudilalahwama yudlilhu fala hadiyalah. Alhamdulilahiladi ahala nikah waharomasifah,ashadu anla ilaha ilalloh wa ashadu anna muhamadan abduhu warosuluh, bismilahibinimatil iman wal islam, sodakolohul adzim.

Puji nu jadi mimiti mugi ngancik di Gusti Robul Ijati,kalayan mung karana kodrat mantenna urang sadaya dina waktos ieu tiasa riungmungpulung paamprok jonghok dina raraga silaturahmi, anu dipatalikeun sarengacara walimatul urus. Solawat kalih salam mugia salalamina dikocorgolontorkeunka Kanjeng Rosululloh Muhammad SAW. Oge ka parakulawargina, ka parasohabatna,ka tabiin tabiatna tug duga ka umatna muslimin muslimat. Kalayan pamugi urangsadaya kagolong kana umatna kalayan kenging safaat di yaumalkiamah. Amin.

Ti payun simkuring seja ngahaturkeun nuhun ka pangatur waktu pangjajap acara anu parantosmaparin lolongkrang ka sim kuring kanggo sumanggem dina raraga acarasilaturahmi anu dipatalikeun sareng acara nalikeun tali kaasih nyangreudkeuntali kadeudeuh antawis wanoja Karangnunggal sareng jajaka gandang Tasikmalaya.
Awitan ieupisanggem sim kuring seja ngahaturkeun wilujeng tepang, pamugi tepangna ieusing janten wasilah langkung raketna tali mimitran hususna antawis kulawargiBapa Suganda ti Tasikmalaya sareng Kulawargi Bapa Sunarya ti Karangnunggal,umumna antawis urang sadaya anu sami-sami rawuh di ieu bale katresna. Amin.
Teu hilapsim kuring ngaturkeun nuhun ka parawargi anu parantos nawiskeun kaasih diri, kasadaya anu lenggah anu parantos masrahkeun katresna manah di ieu pajemuhan.
Sateuacanneraskeun pisanggem, sim kuring ngabantun asmana wawakil ti rombongan seja nedasihapunten bilih sarombongan ti sim kuring salami tumorojog ka ieu tempat tebihtina tata-titi anggang tina subasita, kawantu aya paripaos ciri sabumi cara sadesa, di mana unggal daerah  ngagaduhan kabiasaan sewang-sewangan. Bilihaya laku lampah anu teu merenah sareng kabiasaan di ieu wewengkon, atanapi teusapagodos sareng mamanahan pribumi di dieu, bilih ti rombongan teu tiasa pindah cai pindah tampian, mugi agung cukuplumur muga jembar hapuntenna.
Parabapakalih paraibu hormateun sim kuring,
Mugi janten uninga ku sadaya nu lalenggah dina ieu pajemuhan, hususna ku pangersa Kulawargi Bapa Sunaryasalaku pribumi, rehnadina wangkid ieu alhandulilah wasukrulilah, sim kuringsarombongan KulawargiBapa Suganda ti Tasikmalaya nuju mendak kabingah. Kabingah anu taya papadana, lir karugrugan madu karagragan menyan putih. Kabingah anu tayawates wangenna, lir gunung tanpa tutugansagara tanpa tepi. Saur Ki Dalang tea mah bingah-bingah amarwata suta bingah ka giri-giri, rehing simkuring       
                                                                                                                                                15
sarombongan barang gek enggal ditalek, barang gokenggal ditaros, bari dipapag ku paroman anu marahmay. Pamugi kasaeanpribumi di dieu dijantenkeun amal soleh, kalayan kenging ganjaran ti mantenna.Amin.
Parawargi nusami-sami rawuh hormateun sim kuring,
Bilih janten mawur ku catur, mencar ku carita, simkuring bade ngadugikeun galeuhna ieu pisanggem.
Numawi sim kuring sarombongan jauh-jauh  ti Tasimalaya dijugjug anggang-anggang kaKarangnunggal diteang, tinangtos aya nu dipimaksad, sok sanaos sim kuring mungsuku sambung leumpang biwir sambung lemek nya eta seja ngdugikeun pamaksadanpun bapa, pangersa Bapa Suganda.
Sim kuring ngabantun asmana sepuhna calon pangantenpameget pangersa Bapa Suganda sakalih  seja nyanggakeun salam silaturahmi.Alhamdulillah wasukrulillah sim kuring sadudulur ti Tasikmalaya gaduh wargi ti Batucuri baraya ti Karangnunggal. Hal ieu rupinamangrupi salasawios asihna Gusti Robul ijjati , welasna nu Maha Kawasa GustiAlloh Azawazala anu kagungan sipat rohman rohim.
Kalihna ti eta sim kuring ngabantun asmana sepuhna calonpanganten pameget seja nyambung catur nu kapungkur mapay carita anu kungsikatunda, wirehna sawatara waktos kapengker pun adi wastana Dang  Kurniawan parantos ngalaksanakeun pamarekandina acara ngalamar, kalayan Alhamdulillah waktos harita panglamarna ditampi kuhasta kalih. Alhamdulillah batu turun keusik naek kalapa tonggoheunana bari diluhur nanggeuh palupuh, Cep Dasep purun Neng Reni daek sarua bogoheunana baridijurung ku parasepuh, dina wangkid ieu pamugi tiasa sinempayan ngajatukrami,kalayan calon panganten pameget tiasa kasanggakeun.
Sim kuring ngabantun asmana sepuhna seja nyanggakeunpun adi Dadang Kurniawan awakna sakujur, sanggem paripaosna ti luhur sausap rambut ti handap sahibasdampal. Rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, kabodoanana,kaireungtalingeuhana, katinggang pangpung diudag maung, sanggem paripaosna,sumangga nyanggakeun, kanggo didahupkeun sareng tuang putra di dieu wastana NengReni Agustini nu jadi panyileukan beurang jeung peuting.
Nangingkalintang isin ajrihna rehna dongkap ka dieu teh estuning henteu jingjing henteubawa, henteu kapal henteu keupeul, henteu pasar-henteu pasir-henteu peser,  estuning indit ngan ngaligincing datang nganngalongkewang. Sanggem paripaosna cunduk ngan ukur mawa curuk datang ngan ukurmawa tarang, curuk buntung tarang ge pinuh ku kesang. Pun adidongkapna ka dieu mung ngabantun talutug nahun, nahun namungna weuteuhan mulus henteukarahaan keur ngaseukan pawinihan. Dongkapna ka dieu teh mung ngabantun nu salawasna dibabantun, nya eta nusok ngaringkuk kawas kuuk, nu sok ngarengkol kawas kohkol, anu sakapeung mahsok ngompol, anu kasipatan mun katiisan sok hipu alah batan tahu upamakahaneutan sok ngabata saperti batu anu sakapeung mah sok bitu. Mangganyanggakeun kalawan pamugi tiasa dianggo tempat neundeun kadeudeuh melakeunkanyaah dina mangsa rumah tangga.
                                                                                                                                                16

Tapi tambi isin ngaligincing tamba era ngalongkewang,ieu oge aya babantunan mah mung istuning alakadarna pisan. Duka encitnasacewir, duka sinjangna salambar, ieu oge kenging ngadua-duakeun huap,etang-etang tawis kaasih ti pun adi tawis kanyaah ti nu janten sepu                                                                                                                 
Mugi janten uninga ngahajababantunan teh direka-reka sangkan teu katara harga. Ngahaja dibungkusdibuni-buni sanes inggis katiisan sanes rempan kahujanan sanes paur kaibunan,nanging inggis kauji eusi malum eusi sisip ku pangaji. Ku kituna nu seja nampimugi henteu ningali kana eusi nanging nguninga kana maksad anu diseja.
Parabapakalih paraibu anu sami-sami rawuh hormateun sim kuring,
Pamugi punadi Dadang  Kurniawan sareng Neng ReniAgustini tiasa kauntun tipung katambang beas laksana kapiduriat, dikobul kabale nyungcung. Salajengna, dina raraga ngawangun rumah tangga pamugi Cep Ddangsareng Neng Reni tiasa ngawangun rumah tangga anu sakinah mawadah wa rohmah,tiasa hirup sauyunan, sareundeuk saigel, saketek sapihanan, sabata sarimbagan,ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak, runtut raut sapapait samamanissabagja sacilaka, jatnika nepi ka pati.
Kajabi ti eta  mugia salilahirup kumbuh salawasnanyangking lalayang panca gapura waluya. Lalayang teh jimat. Pancahartosna lima, gapurahartosna lawang atawajalan, waluya teh salamet. Nyangking lima jimat pikeun muru jalan kanakasalametan. Nya eta cageur, bageur, bener, pinter, jeung singer. Ngan kahadeulah kabalinger.
Bilih ieupisanggem janten seueur catur tanpa bukur, sim kuring seja mungkasan ieupisanggem.
Sateuacannamungkur, sim kluring neda sihapunten bilih aya catur anu teu kaukur, bilih ayabasa anu teu kareka. Bilih aya kekedalan sim kuring anu teu nyurup undak-usuknateu ningang kana wirahmana, mugi agung nya paralun muga jembar nya haksami.
Panitihmatana opat, nu hiji matana inten, boh bilih aya nu lepat, mugi kersangahapunten.
Urangteundeun di handeuleum sieum, urang tunda di hanjuang siang, pikeun cokoteunsampeureun na mangsa nu baris datang, na handeuleun neundeun katineung, nahanjuang nunda kamlang, cag ah..
Tutuslangkung kepang halang, bobo sapanon carang sapakan. Bilahi taufik wal hidayah.Wassalamualaikum wr.wb.

1 komentar:

  1. Sae pisan ..leres sae pisan ..hatur nuhun parantos posting ..

    BalasHapus

Statistik

Topics :